Sunday, October 9, 2016

GURGURITAN

NAMA : N. SILVI N. M
KELAS : VIII-G

Pengertian Guguritan
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nysun karangan, dina basa sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing.
Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh the aya tujuh welas, nu masing- masingngabogaan watek nubeda- beda. Istilahna:
Pada
Padalisan
Guru wilangan (jumlah engang dinaunggayal padalisan)
Guru lagu ( dangdingdungna sora vocal dina engang panungtung)
Macam- macam pupuh atawa guguritan:
1.        Asmaranda
2.        Balakbak
3.        Dangdanggula
4.        Jurudemung
5.        Durma
6.        Gambuh
7.        Gurisa
8.        Kinanti
9.        Maskumambang
10.    Mijil
11.    Pangkur
12.    Pucung
13.    Magatru
14.    Sinom
15.    Wirangrong

Conto Guguritan :

Asmarandana
Sim kuring nyuhunkeun widi
ka sadaya nu mayunan
bade nyelang heula nyawera
samemeh ngersakeun tuang
metakeun karasmian
galib talari karuhun
turunan ti Nabi Adam
Metik galibna nu alim
noeulad pituah pandita
didamel sundana bae
puguh pulunganeunnana
aya nu resep ngadangu
tah kieu ieu ungelna



Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih



Sinom
Sekar bingbin jangarian
Sekar kalapa cinugi
Sekar pinang di majangna
Sukur kamanjangan teuing
Disawer ku beas kuning
Beas beureum anu hurung
Kuningna kawas teja
Di tingalna langkung resmi
Ngagurilap herang mani siga emas
Nabi Yusup nu majengan
Disanding ku nabi Idris
Digenggem koe Rasululloh
Murub sakuriling diri
Nabi kabeh nu ngaraping
Lungguhna dina rahayu
Jayana kamanusaan
Calik di sanggiang sakti
Malaikat sadayana nu ngajaga

No comments:

Post a Comment